KABAR KUNINGAN - Hususna pikeun pagawe kudu bersukur dumeh di daerah urang sajeroning merenahkeun posisi jabatan bakal ngalarapkeun Manajemen Talenta. Sistem ieu teh hiji peluang jeung kahormatan pikeun jalma anu mibanda kapasitas, kopetensi, tur kinerjana hade. Atuh salian ti eta, berpengalaman, profesional, kungsi asesmen, golonganana luhur jeung sajabana anu bakal jadi bahan pertimbangan yuser (pengguna).
“Leres Mang ieu teh, mireng-mireng bade aya sosialisasi penterapan Manajemen Talenta anu tempatna di Pendopo?” tanya Si Otong. “Duka atuh, Mamang mah teu apal. Tapi anu jelas mah pasti sistem Manajemen Talenta bakal dilarapkeun di daerah urang sejeroning merenahkeun posisi jabatan sangkan lewih ngepas luyu jeung kamampuhan eta pagawe ti mimiti eselon 2, 3 jeung eselon 4,” jawab Mang Suadma, nyanyahoanan.
“Dupi bade aya sosialisasi, terang timana?” tanya Si Otong. “Ah.... etah mah dikira-kira wae ku Mamang, dina ayana sosialisasi nya nuhun dina henteuna piraku. Sabab aya keneh pagawe anu can paham kana bag-bagan Manajemen Talenta. Ayeuna pisan kasempatan pikeun ngawanohkeun eta sistem ka para pagawe sangkan dina waktuna ulah bingung teuing tur ulah nyalahkeun sasaha,” jawab Mang Suadma.
“Sumuhun atuh, da rumusna tos jelas Manajemen Talenta mah. Nu teu acan asesmen, diklat, golongnana rendah, komo bari jeung hasil penilaian kinerjana teu lebet kana kotak anu tilu, eta mah tiasa masuk kotak alias gagal,” walon Si Otong.
“Tah... geuningan anjeun mah cerdas, leutik-leutik oge kasebutna pagawe, moal ngebleng teuing cara Mamang. Kaula mah dina nyahona oge ukur cenah jeung baruk, nu bener mah anjeun. Najana kitu Mamang mah ukur merhatikeun, atawa ukur bisa ngabandungan hasilna,” cek Mang Suadma.
“Doakeun bae Mang, abdi mugi tiasa lebet kana kotak anu tilu, margi upami diluar kotak, 9, 8 sareng kotak 7 mah moal tiasa kacandan mutasi, komo pikeun dipromosikeun jabatan mah. Numawai abdi mah rara reuwas oge bilih teu kalebet kana kotak anu tilu,” jawab Si Otong.
“Mamang rek nanya, naha anjeun geus diklat, golonganana sabaraha, hasil penilaian/epaluasi kinerjana kumaha, boga pangalaman atawa henteu, jeung rea-rea deui. Lamun pertanyaan Mamang jawabna punjul tur nyumponan kana pasaratan, dipastikeun anjeung masuk kotak 9, 8 atawa paling handap kotak 7.
Lamun bae eta pasaratan tacan kacumponan, meureunan wayahna. Mamang ge bisa nebak, model kitu maol asup kana kotak anu tilu (kotak 9-8-7),” jawab Mang Suadnma. “Upami kitu hasilna, seueur pasaratan anu teu kacumponan sakumha kedahnya tastong abdi moal lebet kana tilu kota. Atuh lebet kana kotak nu mana?” tanya Si Otong.
“Nu medel kitu eta mah Masuk Kotak. Harti moal kajait pikeun promosi. Numatak peluang emas pisan keur pagawe mah ku ayana dilarapkeunana Manajemen Talenta teh. Sabab merenahkeun atau nempatkeun hiji pagawe dina jabatan naon bae dumas kana hasil kalengkepalan pasaratan katut penilaian kinerja pagawe. Lamun teu kaasup kana kotak anu tilu meureunan istilahna Masuk Kotak, dalam artian terleminasi ku hasil kinerjana sorangan,” cek Mang Suadma.(Kang Emsul/KC)***